Selasa, 27 Februari 2018

MITOHA GALAK

MITOHA GALAK

Harita poe saptu kuring balik gawe beurang keneh,biasa ari poe saptu mah waktu na bayaran da kuring gawe teh di proyek alias bangunan.

 Kuring balik teh naek angkot da puguh ge kuring te boga kendaraan sorangan,maklum pagawe bangunan att gajih ge ukur mahi ker dahar we jeng meuli apartemen....
 Pas nepi d terminal k hiji kacida kuring reuwas sabab aya sora ngagaur kawas namah sora maung,najan kuring sieun ku kuring teurus d dengeken eta sora maksud hayang apal ti mana asal sora na. Beki lila ku kuring di dengeken beki jelas eta sora ngagaur na, singhoreng simana horeng beuteung kuring nu ngagaur teh menta di eusian maklum ti isuk" can d eusian meren.
 Kabeneran da d terminal mh teu susah neangan dahareun sidik nu dagang ngajalajar, ti mimiti tukang ayam bakar,batagor,dodol knalpot,pais granat,sop keunek jeung sajabana. Kuring nyimpang d salah sahiji warung dek ngadon ngeusian beuteung nu gseus tarik pisan ngagaur na. Kabeneran didinya nyampak babaturan smp kuring keur nyaleuhak ngadahar tukang baso, nu ahir na kuring jeng babaturan kuring ngobrol ngaler ngidul maklum geus lila teu panggih jd sagala di obrolkeun.

  Beuki lila ngobrol babaturan kuring kalah jd curhat ka kuring pjarkeun mitoha na galak pisan ceunah malahan nepika ayeuna mitoha nateh can ngawawuhan ges ampir dua bulan, ari panggih teh kadon rangkeudut we ceunah murukusunu dagang tutut. Ai kuring panasaran naon sabab na mitoha babaturan kuring bisa ngambek sakitu rongkah na ;

 Kuring : nha kunaon atuh eta mitoha beut bisa ngambeuk kitu lur ?!

 Babaturan : ah mitoha na we etamah bapeuran pisan lur !

 Kuring : har naha bapeuran ?!

 Babaturan : nya bapeuran we att ari neupika kitu mah.

 Kuring : ny naha naon sababna, nyien kasalahan naon att didinya da matak ngambeuk ge pasti atuh aya salah da moal ngambeuk teu pupuguh !

 Babaturan : saeutik ari kasalahan namah lur, ngan ku mitoha we di geude"keun.

 Kuring : di tingali tina urat tarang didinya mh pasti didinya salingkuh !

 Babaturan : ah naaaaa meuni asal di sada ngomong teh !

 Kuring : kunaon atuh ?

 Babaturan : kie lur masalah namah,, basa bulan kamari pan mitoha teh ngadon ngendong d imah kuring, ari imah kuring pan leutik da puguh imah kontrakan ngan teungah imah hungkul we jeung kamar hiji bari teu asup mobil"acan d kamar nage ! Tah nyeudek k peuting kuring mah jeung pamajikan sare d kamar ai mitoha di tengah imah..

 Kuring  : ny teurus ?

 Babaturan : tah pan mitoha kuring mah mun sare balagajuah nu ahirna mitoha sare jd malik kna lawang panto kamar kuring. Pas kuring lilir hayang ngompol kuring teh mukaken panto bari lulungu, kuring ngalengkah kadenge sora  REKETEKKKK bari hik"kan, pas kuring tungkul kuring reuwas gening beuheung mitoha kuring ka kaleuyeuk. 
 da katingali ku kuri mitoha leungeuna roroesan bari ngeulel jiga nu teu bisa ngarenghap.
  Tah kitu masalah namah lur SAEUTIK.


Kuring : orowodol.... 
Share:

0 komentar:

Posting Komentar