DI UDAG BEGAL
Harita poe saptu kuring ngadon rek mondok di imah kolot kuring nu aya di kampung, kuring inditeh kana motor kuring ( si antik bekjul ).
Di perjalanan keur anteung kuring mawa motor ( tiiiittttt tiiitttt ) kadenge sora klakson tarik kacida, kontan kuring ningali spion barang spion ku kuring di leret katingali aya motor geude jiga ngudag kuring. Jorojoy kuring ingeut kna berita dina tv nu di ceugat ku begal ( na ieu kitu nu ngarana begal teh ) kuring galecok na jero hate, langsung gas motor ku kuring di paut sabeak na tapi eta nu ngudag kuring trus wae nuturkeun malahan mah nglaksonan beuki lila . siettttttttt eta jalma nu mawa motor geude nyiap kuring bari tutunjuk nitah ka sisi, nya kapaksa kuring ngelehan nyisikeun motor.
Motor ku kuring di kasisikeun trus di standarkeun ( na jeuro hate kuring ngajeurit, duh gusti tulungan ieu abdi gusstttiiii ). Tuurr kuring karasa ngageuteur kesang badag kesang leumbut barijil ngarenghap ge geus teu bisa di atur ,helm ku kuring di buka sok di tunda dina motor, barang bray jalma nu ngudag kuring mukakeun satengah helm na kadenge ku kuring eta jalma nyarita..( kang itu bojo ka kantun di pom bensin ).
( mudah-mudahan ka hibur )
0 komentar:
Posting Komentar