Kamis, 22 Februari 2018

Nini gaul

NINI GAUL
Ka caritaken d hiji mangsa si nini nyaba ka kota nyaeta dek ngadon nganjang ka imah anakna jeung ges lila te panggih jeng incu na,ti saprak anak na pindah ka kota. Ai anak na pinah k kota nateh geus aya kna 10 taun na, nya puguh we atuh si nini sono na kacida.

 Da puguh nini-nini atuh pasti pikun, nyasar jeng nyasar we lieur mren neangan alamat. Jeng sababara kali si nini nubruk tihang telepon da tungkul wae ningalian hp, padahal mah maneh nateh boro" bisa kanu hp ukur bisa ngahurungken we hungkul. Tah hp nateh menang nginjem ti incuna nu di kampung bubuhan we etage d bere teh kulantaran si nini maksa, malahan mah si nini menta pang ngasupken alamat budak na nu dek di anjangan knu hp nateh maklum nini" gaul mbung k elehkeun ku budak ngora sgala hayang d turutan.
 Di hiji parapatan si nini ngahuleng sa lila" cape baruk namah geus kurulang-kuriling can panggih keneh alamat budak na,jol teh budak lalaki ngora nanya ka si nini :

 Budak ngora : puntn ni dupi nini bd angkat k mana ?! Ti tatadi ku abdi d prhatoskn nini ngahuleng wae bari ninggalan hp !?

 Nini :muhun sep nini teh bingung puguh.

 Budak ngora : bingung kunaon atuh ni, naon hp na seep pulsa ?

 Nini : ih sanes asep, pulsa mah atuh seer keneh malahan mah teu d leubeutkeun sadayana td meser teh di bungkus sapalih....
 Si budak ngora ngahuleng bari baceo na jero hate ( har ituh nha samaruk na seblak kitu pulsa meke d bungkus sagala ).

 Budak ngora : nha kunaon atuh nini ngahuleung kitu ? 

 Nini : puguh bingung nini teh sep milari alamat pun anak teu pndak"..! 

Budak ngora : nha d mna kitu alamat na ni ?

 Nini : sidik nini teh rada hilap deui sep, tapi da aya ieu d catetkn dnu hp.

 Budak ngora : sok d tinggal heula atuh ni ..!
  Si nini ningali deui kanu hp na,bari teurus d gular gilir so bisa tea gening. Padahal mah pan sidik boro" bisa kanu hp eta si nini teh.

 Budak ngora : kmha ni d mna alamatna ku abdi d jajapkeun..?!

 Nini : duh sep nini cape jiganamah, jd te patos k tinggal aksara nage. Cik ku asep pang ninggalkn atuh !
 Si nini ngasongken hp k eta budak ngora..si budak ngora kalah bingung,,? ( nha naon nu dek d bacana ieu si niniteh gningan d branda keneh ).

 Budak ngora : d simpen na d mna ni ?!

Nini : duka atuh sep hilap deui ,, dina facebook duka dina google kitu..
  ( Pedah sok ningali jeng ngadenge incuna tulas tulis didinya samarukna naon we meureun ).

 Budak ngora olohok baceo na jero ht .har ituh $$$#%#%%#$&..alah parna yeu si nini.  bari rada gogodeug.

 Nini : tos k peundak sep ?
(Si budak ngora trus ngutak ngatik hp si nini)

Budak ngora : oh ieu aya ni, sareung no tlpona geuning aya ni !
 ( si nini atoh kacida )

 Nini : cik att sep pang nlpon kn we !
  ( budak ngora eta langsung nlpon no nu d tuliskn eta make hp si nini, ngan pas d telpon klah sora oprator ngabejaan pulsa na 10 perak deui )

 Budak ngora : nha gening teuaya pulsaan ni, sanes seer keneh pulsa na !

Nini : nha nya ,, malurag panginten sep ( benget na beureum da puguh era )
  Si budak ngora ngageuleuneung na jero hhate ( nya we da jambu ni make malurag sagala )

 Nini : cik atuh sep ku nini urang lebetan heula pulsa na. ( kabeneran si nini ngahuleung teh deukeut tukang pulsa )

 Budak ngora : muhun mangga atuh ni.
 ( si nini leumpang maksud dek ngesian pulsa )
 Gek we eta si nini di tukang pulsa.
  Kang pulsa : punteun ni aya nu tiasa d bantos ?!
  ( Si nini pd ngajawab )
 Nini : bd ngaleubeutan pulsa sep, dua puluh rebueun we sep.!

 Kang pulsa : oh muhun d antos ny ni .

  Ngan nu jd rewas k tukang pulsa si nini ngomong kieu.

 Nini : eh sep tong di leubeutkn sadayana ah, bungkus we sapalih ny.
 ( budak ngora jeng tukang pulsa silih peulong bari calangap ).

  Atuh rupi na mung sakitu nu tiasa kapidangkeun. Hatur nuhunn
Share:

0 komentar:

Posting Komentar